Sok remen haté tumanya, naha anu keur karandapan téh naon pingareunana? Bogoh, cinta, nyaah, butuh, atawa naon? Kuring teu manggih kasimpulanana. Ngan nu sidik, dina ahirna anjeun jadi bagian tina galuring hirup kuring. Mémang ari prosés anu ngalantarankeun urang cunduk ka lebah dinya mah henteu dadak-dadakan. Teu béda ti catur; kapan tara aya anu jol-jol sekak! Anjeun maju saléngkah, kuring ogé sarua ngagésér saléngkah. Anu béda téh dina lebah naon heula anu rék dipajukeunana. Mun anjeun ngaléngkahkeun kuda, boa kuring mah cukup ku bidak. Mun kuring ngagésérkeun bénténg, bisa waé anjeun ukur mindahkeun raja. Éta mah kari kumaha ceuk strategi masing-masing, satungtung henteu salah nurutkeun aturan maén.
Ahirna urang ngagalur dina lalakon panjang. Silieusian-sililengkepan, sok sanajan anu copong-parongpongna hamo bisa diayuman keudeung-keudeung. Ari kitu téa mah pantes, sabab pamiangan urang kacida patarenggangna. Urang mimiti pada-pada ngarti jeung surti.