Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Néng

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 19 Januari 2014 18:06:33

Ambek. Ngarasa disapirakeun. “Salila ieu, aing ukur dimanfaatkeun!” Haté ngagerentes. Sora sada HP teu dipaliré. “Cukup, nepi dieu waé! Aing kudu bisa leupas tina pangaruhna.” Unggal poé, sakeupeul daging terus diturihan. Teu dirasa. Pura-pura teu karasa. Hirup asa jadi rorongkong. Geus euweuh jiwaan. Poé ganti bulan, bulan ganti taun. Sakeupeul daging geus buruk. Nanahan.
Di hiji tempat. Dina risbang rumah sakit. Kabel pasuranteng dina awakna. “Aa, hampura, Néng!” Sora nu sarua, ngagerentes. Awakna tinggal kulit jeung tulang. Unggal poé cuci darah alatan panyakitna. Aya cimata nu ngamalir dina pipi-na.
Sataun geus kalarung. Hiji awéwé keur nyeungceurikan kertas nu dicepengna. “Néng, Aa teu tiasa leupas tina pangaruh ieu rasa. Mugia, Aa tiasa ngahiji ti mimiti ayeuna.” Manehna ngusap urut operasianna. “Enya, Aa ayeuna geus ngahiji jeung Néng”..... *