Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Mangsa Ajag Babaung

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 11 Januari 2014 19:04:23

Minggu kamari, domba Mang Jaya. Sakandang. Ayeuna munding Bah Kanta. Sarakit. Dikerid jeung énéng-énéngna. Kari kolotokna. Cenah diangkut kana treuk. Basa hujan tadi peuting. Mangkaning andelan ngagaru jeung ngawuluku. Panghirasan batur salembur. Taya nu wani hulung-halang. Da béjana mawa bedil sagala.

Malem Ahad. Isa karék lekasan. Hujan ngecrek ti soré kénéh. lembur combrék. Cungungung babaung ajag. Ngalanglaeu ti mumunggang pasir. Aki Arnasan istigfar. Babacaan. Mapatkeun jampé parancah. Lembur tambah geueuman. Lir genting jaman gorombolan. Gura-giru ngoncian panto. "Nyai geura ngampih ka kamar kaituh!" Aki jeung Nini Arnasan gura-giru. Mareuman cempor. Ngaringkeb ka enggon.

Nyi Isah sumringah. Blus ka kamarna. Rét kana eunteung. Belenyéh imut. Nyisiran. Lédak-lédak diwedak sahéab. Sepré bodas dibérésan. Nongtoréng kénéh, pesen Ki Sudira tadi soré. "Nyi poma, dina mangsa ajag babaung, jandéla kamar tong diselotkeun!"