Tujuh taun kalarung. Kiwari anjeun ngajanggélék hareupeun. Reujeung imut nu biasa. Teuteup ceuleuyeu, pinuh kasono. Moal! Kuring moal kagoda! Teu hayang mikanyaah jiga baheula. Gudawang ieu haté, alatan anjeun. Anjeun geus mongpokan beungeut ku mangrupa-rupa rurujit! Padahal, kanyaah kuring ka anjeun wening.
Masih ngalangkang, basa anjeun ngahiang. Ukur béja nu rabul datang. Majar anjeun geus jadi préman. Ditéang, taya tapak-tapakna acan. Disusud, kalah matak gujrud. Nyeri ieu haté. Kaasih, ku anjeun dipulang sengit.
“Rék naon manéh kadieu? Manéh geus téga ngéra-ngéra! “ Sakeclak cimata marengan geter kamurka.
Anjeun, teu lémék. Ukur nunda bungkusan leutik, dina méja. Laju ngaléos. Ngungun.
Bungkusan dibuka. Bros emas ngaborélak. Ditilaman sacewir keretas.
“Ibu, hapunten abdi. Abdi rumaos lepat. Teu tumut kana naséhat salira. Ibu, salira geus jadi indung abdi, salawasna. Salira nu nyéboran ku kaasih sareng kahéman. Nu mangkakkeun kembang harepan. Teteg nyanghareupan ieu kahirupan. Wilujeng hari Ibu.... Ibu!”