Dadang kacida keuheulna kanu jadi pamajikan. Éta ku borosna kana duit. Giliran aya duit sagala dibeuli, giliran euweuh duit jubras-jebris,tuluy sagala diomongkeun, maké ngajejeleh salakina sagala , pajar téh nu jadi salaki teu bisa usaha nu bener. Lain sakali duakali kalakuan pamajikanana kitu téh, ah geus mindeng wé. Dipapatahan mah dipapatahan mani geus bosen.Ti dinya mah pasti wé dituluykeun kana paséa rongkah. Antukna mah manéhna rék ngawarah pamajikanana. “ Keun siah rék ditinggalkeun sakeudeung mah supaya manéhna kapokeun” gerentesna. Ti dinya Dadang gegembol pakean. Na atuh karek gé rék indit torojol téh tukang kiridit rék nagih.
“Pa, aya ibuna? Tanya tukang kiridit.
“Aya, tapi ayeuna mah keur paséa, ke wé nya nagihna mah mun geus damai” tembal Dadang. Tukang kiridit teu tulus nagihna , tuluy baé manehna indit bari gogodeg.
Nu dituju ku Dadang teh imah Kang Warya kapilanceukna.
Imahna mah sabenerna teu pati jauh da kaasup kampung tatangga. Barang nepi ka buruan imah Kang Warya , katingali Kang Warya kaluar ti imahna bari gegembol.
“Rek kamana Dang?”tanya Kang Warya
“Bade ngiring heula ngarereb Kang , keuheul tuda ka pamajikan”
“Hih, atuh mani sarua nya ! .puguh Akang ge keur keuheul ka pamajikan, ayeuna rek ngarereb di imah Ema heula”
“Kumaha atuh abdi?” ceuk Dadang semu nu bingung.
“Tenang..tenang! hayu wé urang babarengan ka imah Ema” tembal Kang Warya. Tungtungna mah éta nu duaan téh indit pakaleng-kaleng, rék pundung babarengan.