Wanci geus ngagérét ka tengah peuting. Di luar masih tingcikikik sora lebah café. Rét, ka balkon lampion masih kakalicesan katiup angin. Kuring teu kecét diharudum simbut. Aya kalangkang nu titadi matak panasaran. Dedeganna jiga awéwé jepang. Maké kimono. Mimiti ukur kadéngé hawar-hawar. Lila-lila mingkin atra. Sora nu ceurik kapengék.
Ngawanikeun manéh muka simbut, ngadeukeutan kalangkang di balkon. "Saha anjeun?" Semu ngaharéwos. Ceurikna reureuh. Simpé. Lampion ngadadak pareum. Kalangkang ngaleungit. Pas, malikeun awak. Gebeg. "Tos kang, mending ge urang bobo!" Ceuk awewe jepang dina luhur kasur, létahna ngelél tanding léak.... *