Kuriling, sakurilingan. Mata seukeut murelengan. Galar-gilir ngijir kalang. Piraku teu kaawakan? Rét ngénca, ngatuhu. Totojér kadua suku. Kuda-kuda asa panceg. Geugeubig kadua siku. Pundak asa sareseg. Kuriling deui, muru kalang ngadeukeutan. Batu Hideung kari sadeupa. Bereyek ti béh tukang. Noyék. Moyég. Bangkieung! Kapangpéngkeun Kuda Mesir. Gurinjal! "Hudang! Tong kasoran!"
Srog lebah juru kidul-ngétan. Batu Hideung nampeu hareupeun. Watang pérak na ranggeuman. "Ambung! Turutan Umar nu bedang!" Solongkrong! Kari sagepgepeun. Kuniang Banténg Afrika. Punduk hideung lalambakan. Ngajaul nyodok handapeun. Bangkieung! Domba Garut kapangpéngkeun. Rénghap! Engap! Ngahégak. Juuh. Késang tiis nyarakclakan.
"Ukur sunat jalu! Tong maksa!" halon nu ngupahan. "Montong mundur tina kalang!" héab nu ngangsonan. "Sia datang ti jauhna. Ngadago pirang taunna. Biheung aya deui waktuna! Ringkid wajib jeung sunatna!" nu ngangsonan ngadurukan. "Ngeunteung jalu! Itu Banténg reujeung Kuda, baladna mangpirang yuta! Ala buah iklasna!" nu ngupahan mépélingan. Gajleng muru kalang ifadah panganggeusan.