Isuk-isuk. Sarah geus mugen deui embung sakola. “Kunaon atuh geulis! Bet, alim angkat?” Indungna leuleuy. Ukur inten nu ngembeng dina juru panonna. Murungkut di juru enggon. “Kunaon, Geulis?” Gep, sarah dirangkul ku nu jadi indung. “Sarah karunya, ka Apa!” Cimatana bedah. Sanggeus leuleuy, Sarah ngasongkeun kertas sacewir. Di imeutan ku indung budak. Laju sarua ngembeng cimatana. “Urang du’akeun wéh, mugia rezeki Apa berekah!” Kertas nu sacewir diasupkeun kana hawu, jadi silalatu…*