“TOS di tempat nu biasa, Say!” ceuk SMS manéh. “Mangga!” jawab uing. Teu kadua pétot. Uing teu hayang panjang carita da geus ngarti ka mana loyogna maksud manéh. Uing geus apal kana karakter manéh. Taun-taun papacangan. Geus papada apal kana gaya séwang-séwangan. Manéh ogé pasti teu miharep jawaban panjang, lin?
Deuh, aingah. Haté dumadakan rumegag. Gegebegan. Pangajak manéh asa beuki nalaktak. Matak gélo. Manéh kawas rujak lada. Matak seuhah tapi ngeunah. Uing seubeuh dikakaya, tapi nimat. Manéh téh jahat, tapi uing suka. “Piceun! Euweuh pulukeunana?” ceuk batur uing. Teu didéngé! Teu apaleun. Mun jadi uing, manéhna pasti nyuuh ka manéh.
Uing ngagedig. Teu luak-leuk. “Cios, teu?” ceuk SMS. Deuh, ku céréwéd, nya! “Janten!” Haté uing patingsariak. Léngkah asa henteu napak. Sabot rut-rét, manéh ranggah bari imut. Kasép! Matak lééh haté. “Nuhun, Say!” Manéh ngarangkul. Uing ukur unggeuk basa dua jirim tingkolébat tukangeun manéh. Manéh ngocéak. Reup, uing peureum. Mata beueus.**