Rebun-rebun kénéh, Jang Adun geus nagog 'na tambakan balong. Tatahar. Jeujeur dijagragkeun hareupeunana. Kusiwel wadah eupan. Koja geus ngerelep satengahna. Talina nyangked, pageuh dina pancuh paragina. Haténa bungangang, sanajan can tangtu bakal beubeunangan. Di tengah balong, cai kiruh ku lauk. Gep, kana jeujeur nu useupna geus diréngkolan cacing. Lung... Crup! Kukumbul beureum atra lebah cai nu kiruh tadi.
Panonpoé anyar meleték. Nyorot kukumbul nu ngajanteng di antara borélakna cai. "Tos kénging, Kang?" nu nanya teu dipaliré. Tonggoy mencrong lauk nu kalah ngulibek sabudeureun kukumbul. Eupan cacing jiga nu saukur diangseuan. Teu dilétak-télak acan. "Atos kénging, Akang...?" Kadua kalian, dirérét. Bréh. Lélé Jumbo keur ngabedega gigireun. Kumisna ngajarepat sagedé-gedé curuk. Nyéréngéh. Némbongkeun useup nu rimbil dina biwirna. Biwir suwingna.