GER, sarurak. Langgéor ka hareup. Neuhneur awakna naronghol tina léjing jeung strit anu raket dina kulitna. Lambeyna burahay, imutna nangtang. Socana bureuleuk, dilakna galak. Selengseng, J’adoré nu maruntang na pori-porina dumalingding. Minuhan ruangan. Ceg, kana Absinthe. Leguk. Reup, sajongjongan. “Énggalan!” Kabéh raraéng sasora. Kawas wakil rayat nu keur adu akting dina panggung sisidangan. Si Ménor ngagitek deui ngurilingan kukumbung. Imbitna muih. Pinareup ancul-anculan. Panangan kiwa ngaranggeum cangkéng, anu tengen lelet luhureun sirah. “Enggal, kaluarkeun!” Raéng deui. Méméh bijil. Lampu miheulaan pareum. Tina kukumbung aya anu nguniang. Siluét jajaka sabeuleugeunjeur. Saréréa neureuy ciduh. Nyawang ngawang-ngawang jeung Si Gandang. Kukumbung ujug-ujug ngajurungkunung. Brak, ancur burakrakan. Si Gandang guar-gaur. Matana hurung. Nu carentil tingpuringis. Si Gandang ngadadak garang. Mergasa nu tingjarerit. Nyakaran beungeut, ngarewodan pinareup, ngorowotan palangkakan. Hiji-hiji. Cur-cor getih. Tina saban-saban liang awak. “Lebok ku sia!” Si Gandang robah jirim jadi nanah. Rohangan jadi talaga. Nu parésta patingkerebek. Ngambang na talaga nanah.**