Karék saminggu, kuring nyicingan imah anyar. Di paimahan basajan, deukeut ka dayeuh. Hasil kukumpul salila gawé, jeung tina hasil dagang leuleutikan. Poé ahad, mangsa peré gawé. Kuring hudang rada isuk. Hayang joging. Sanggeus saged, gap kana anduk leutik. "Nyi, Akang indit heula," pamajikan bati unggeuk. Kencling indit. Lumpat laun. Ngurilingan komplék.
Meunang lima balikan, kuring reureuh. Gék, dina téras bari nyusutan cikésang. "Asa jempling imah téh, boa pamajikan keur ka pasar, kitu?" gerentes haté. Tikoro karasa garing. Sup, ka imah. Rada reueus nempo imah reresik. Béda ti sasari. Cihérang geus nyampak dina méja. "Aih, aya ku ngarti, Si Nyai," leguk diinum.
Bari ngararasakeun tiisna hawa AC, kuring ngabaheuhay dina sofa bari mencrong ka buruan. Suku ditumpangkeun kana méja. Ti tukang, kapireng nu hohoak. "Saha, manéh? Wawanianan asup ka imah batur! Nyingkah, siah!" Koréjat. Beretek. Reuwas kareureuhnakeun. "Paingan atuh, aya AC jeung kulkas sagala," tuluy kokotéténgan néangan imah sorangan.