Mireng iber ti babaturan. Yén, loba baramaén nu hirupna jugala. Imah agréng, sawah ngaplak, tanah di mamana. Malahan mah, aya nu boga toko emas sagala. Cenah. Panasaran.
Isuk-isuk. Kuring geus saged. Kencling indit. Kalacat, kana angkot. Jrut. Turun di lebah jambatan pameuntasan. Rurat-rérét. Bréh. Gédéngeun halteu, nyampak saurang Aki-aki. Pakéanna tatambalan. Calana sontog nu geus ladu. Kupluk hideung nu mungkus buukna geus saroéh. Sila tutug nyanghareupan kaléng butut nu kosong kénéh.
"Sodakohna, Cép," pokna, barang kuring anjog hareupeunana. Sor. 10 réwu. Rengkuh nampanan. Gék. Gigireunna. "Dupi, yuswa bapa sabara taun?" Kuring muka obroran. "Parantos 70, Cép," halon. "Gaduh Bojo, Putra?" Nu ditalék ngabetem. Sor deui 20 réwu. Giak. "Pun Bojo, nyondong di bumi. Pun Anak hiji, pameget. Anyeuna nuju di ITB," walonna. "Euleuh. Hébat. Dugi ka tiasa nyakolakeun Putra ka Paguron luhur," kuring gogodeg. "Sanés kuliah, cép. Sami, jajaluk ogé!" témpasna, tandes.