Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 17 Oktober 2013 22:10:16
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."
Jumaah, 06 Séptémber 2013 21:42
Syihabudin Syihab: " Assalamu'alaikum...Sampurasun...nepangkeun salam pangwanoh...hatur nuhun kana pangangken..."
Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."

Kuring Lain Plagiator

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 10 Agustus 2013 07:53:19

Angin créscéndo ngahiliwir ti mumunggang. Halon andanté. Ngulisikkeun keretas partitur dicapit standpart. Aransemén, kosong kénéh can aya notasi hiji-hiji acan, werit rumpaka. Néangan mélodi midorian ngan sauukur aya dina implengan. Teu kakotrétkeun. Mongkléng poék. Rét kana piano bangun seuri, tuts ti oktaf kahiji tepi ka oktaf ka tujuh jempling suwung kelentring. Peuting beuki simpé. Roko, kopi, kari kuntung jeung gegedohna. Jero dada aya guruh ritmis wirahma dulag. Rét kana rak ngajajar VCD lagu-lagu deungeun. Nyéh seuri. Muterkeun lagu dina DVD. Not balok saparapat saper tilu puluh dua tingkalayang narapel dina keretas jadi komposisi lagu. Kelemeng duit lambaran beureum keur baju anyar anak pamajikan poénan Lebaran. Haté sabil. Guligah. Kalangkang guru komposerna némbongan.” Manéh plagiat!” Komponis mencrong arrasemén kertas partitur, béréwék disosoéh, asup carangka runtah. Aweuhan takbir marengan gerentesna.”Mending ngariung basajan jeung anak pamajikan, batan isuk jaganing pagéto ngaringkuk dipangbérokan.” Allahu Akhbar.