“NYANGGAKEUN!” ceuk anjeun bari nanggeuy dua jajantung. Ngempur lir purnama. Ramo anjeun kumeleter. Ngendagkeun rasa nu mangtaun-taun ngarangrangan. Tapi raga teu gancang-gancang nampanan. Lelembutan anggur ragot silih talék. “Antéh? Anjeun éta téh?” Taya kecap anu kedal. Némbal ku sorot cangcaya. Kawas harita. Basa anjeun ngejat jeung Candramawat sabada diri balaka.
Jungjunan, teuteup masing teleb. Gurat-gurat tresna karahaan. Ku getih garing tina raraheut mangsa. Ti saprak anjeun nigas kapanasaran. Haté gorowong. Diri jadi rorongkong. Éndahwarni henteu daya mupus tresna. Kuring ka anjeun. Ranggeuyan imutna nu nyarakclakan tina saban mamanisna, teu bedas nyangcang asmara nu ngabebela. Anjeun. Nu neukteuk anggeus ku kemba.
“Nyanggakeun!” ceuk anjeun deui. Dua jajantung bet beuki ngempur. Mabra tanding purnama. Tapi cangcaya beuki kerep ngagaréndang. Na panon anjeun nu hérang. “Nyanggakeun sadaya-daya. Taun-taun ngeput semu. Ayeuna mangsa bedahna!” Gap, dua leungeun pataréma. Kuring. Anjeun. Gumulung jadi cahaya. Mumbul ka wiati. Jleg, nincak bulan. Raga anjeun tulang-taléng. Ngumpul. Ngarunggunuk.**