"Hadeuh...! Wayah kieu can nepi kénéh ka imah." Jang Adun humandeuar. Awakna nyarandé kana tihang listrik. Nungguan angkot bari ngécagkeun kacangkeul, balas sajajalan cindekul na jero beus. Wanci ngagayuh kasubuhnakeun. Sora tahrim hawar-hawar kapireng.
Lar, aya angkot nyampeurkeun. Ngageuleuyeung lalaunan. "Rarasaan mah angkot nu ngaliwat ka imah téh pulas héjo, naha ieu mah bodas? Paduli, lah, nu penting nepi," gerentesna. Kalacat, naék. Rungah-ringeuh. Panumpangna ngan manéhna wungkul. "Mang, karék nar..." Teu kebat. Bahamna calangap taya soraan. Jok supir euweuh jalmaan. Ukur aya leungeun sabeulah anu keur ngusik-ngusikkeun setir.
Rét, ka gigir. Gebeg! Jajantungna méh-méhan coplok. Sirah jalma atra tina kaca jandéla. Buukna jocong, mata molotot. Biwirna runyah-rényoh. Gajleng, Jang Adun lumpat bari nyorowok. "Jurig hulu...!" cenah. "Har iteuh, dasar nu gélo! Lain mantuan ngadorong kalahka lumpat, sidik keur mogok!" ceuk supir bari luut-léét késang.