Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 18 Oktober 2013 02:10:19
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."
Jumaah, 06 Séptémber 2013 21:42
Syihabudin Syihab: " Assalamu'alaikum...Sampurasun...nepangkeun salam pangwanoh...hatur nuhun kana pangangken..."
Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."

Nu Nyiar Lailatul-qadar

Kénging Mochamad Ziaulhaq
Dipidangkeun dina lapak 07 Agustus 2013 13:44:32

Tengah peuting di juru tajug. Kuring sila sorangan. Luak lieuk. Reup wé peureum, ngareureuh capé. Pipikiran narawang awang-awang. Ngagedor méga maya gantang. Ngadadak datang keleter sora ti kénca. Ah, horéam. Beunta unggal peuting, néang saréwu bulan. Geus puguh dicekék kasusah. Laat-léét késang ti beurang. Puasa tetep ditedunan. Lalampahan asa teu dina kagoréngan. Tong diteruskeun!

Euleuuuh! Gerentes ti katuhu. Dosa temen, kadé poho. Ceuk kolot, réa pahala-Na. Saencan bukti, mending nyekel béja. Wirid dikir di peuting ganjil, di ahir ramadan karim. Nyiar malem lailatul-qadar, mulung karahayuan. Sugan menang salam Jibril, Salâmun qaulan min rabbirrahîm! Duh, kasalametan dunya ahérat. Dunya ahérat salamet.

Lakadalah! Ribut dina sirah. Nu duaan jadi pacéntal-céntal. Silih témbal. Beuki peuting, beuki réang. Jol, balébat datang. Jep, maranéhna jempé. Tuluy pagabrug-gabrug, silih hampura. Kuring ngilu simpé. Neuleuman rasa séwang-séwangan. Ngagelar rasa kasalametan.