Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 18 Oktober 2013 00:10:22
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."
Jumaah, 06 Séptémber 2013 21:42
Syihabudin Syihab: " Assalamu'alaikum...Sampurasun...nepangkeun salam pangwanoh...hatur nuhun kana pangangken..."
Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."

Édan

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 06 Agustus 2013 12:58:52

Najan geus diganti ngaran jadi pasantrén, angger wé salila bulan puasa mah ditutup. Pamaréntah téh kawas anu teu nyaho, kapan lamun rék lebaran mah loba pisan pangabutuh. Acan harga-harga arundak. Éta gé kétang teu ngaleuleungit, sanajan teu siga poé biasa jeung bari leuwih susulumputan, tamu téh sok aya waé anu ngulampreng. Babakuna mah peuting. Heuehuey deudeuh, ari beurang mah paruasa sugan. Kapan saur mama ajengan ogé, ari keur puasa mah cenah teu kénging!.
Rék lebaran di lembur horéam. Salian ti sieun macét, duit asa can cumpon keur babagi. Jaba geus aya anu jangji, cenah maleman lebaran téh rék dibuking. Lebar lamun dimomorékeun, mangkaning si royal.
Enya wé manéhna datang. Salaku profesional tangtu kudu méré sérvis anu prima. Hiji hal anu moal bisa dipopohokeun, horéngan ngaladangan bari dipirig ku sora takbir téh karasana asa leuwih nikmat.