Reg ngarandeg. Maleman lebaran. Mobil nu nyalemprung muru lembur pangbalikan. Para panumpang nu arimut rék dipapag kulawarga. Ngaheunggeu palebah dinya. Tadina tingraringeuh, sugan ukur macét biasa. Basa turun saurang, duaan. Gusti…horéng gerbong karéta malang. Tiguling. Ngarahuh saréréa. Wanci janari. Lebaran kari opat jam deui. Brul tina beus tarurun. Tina kendaraan pribadi, nungtutan kaluar. Nu luh-lah, tinggorowok jeung tingcakakak. “Tah, nu kieu ngaranna mudik, daaak!” cek saurang. Breng tuluy ngawangkong jeung nu lian. “Naon teu bisa disingkahkeun gerbongna, Kang?” ceuk si Euceu bari nginghak. “Bagooor Euceu mah, mending lebaran di dieu uingah tibatan ngagogotong gerbong!” Ger sareuri. Aya nu ngampar samak. Brak murak bebekelan. Sada nu takbir ti kajauhan karasa ngagerihan. Bray beurang. Bring sarolat Iéd di tegalan. Réngsé solat, tuluy aleut-aleutan sasalaman, “Hapunten samudaya kalepatan!” Mapay jalan. Nepungan panumpang nu nguyung. Nu careurik. “Jaga kieu di ahérat. Urang tepung jeung papada, nu teu kungsi wawuh!” ceuk si nini bari rambisak.