Kahayang Bapa mah, nu penting digawé. Rék gawé naon baé. Bisa ngahasilkeun bari gedé, leuwih alus. Yeuh, déngékeun. Hirup lain sakola hungkul. Kudu bisa méré mawéh ka sasama. Jaba Ujang mah lalaki. Kudu ngabogaan tanggung jawab. Lain resep nungtut élmu hungkul. Moal kaudag. Nu penting mah bisa ngalarapkeunana. Nu jelas mah méakeun biaya hungkul. Angger, kahirupan mah teu cukup ku ijazah. Kudu metu. Ngakal. Mun henteu, moal ngakeul. Ngélmu waé, kalah beuki kedul. Sagala hayang gampang. Coba, ayeuna Ujang rék gawé naon? Luhur teuing sakola, beuki euweuh lowongan. Ama mah teu perlu boga anak nu pinter. Perlu sotéh nu bageur jeung ngarti kahayang Ama. Meureun éta ogé kahayang balaréa. Geura, tingali. Babaturan Ujang geus baroga naon? Padahal lain Sarjana. Pamajikan jeung budakna, kaurus. Ujang mah, kapan ngajomlo kénéh. Geus, ayeuna mah. Kaluar ti sakola, geura mencar néangan rejeki. Da moal paéh ku teu boga ijazah.