Azwa tilu guruntul pamahanan si Réza urang Pérsia. Gugulutukan dina pisin. Silihséréd jeung salé Rajaceré. "Sok Mang, tah hiji séwang, ngabatalan!" Méméh am disidik-sidik. Lampar lalakonna. Ti Pérsia meuntas gunung, nyorang sagara. Anjog dina piring leutik. Leng. Kumalayang pipikiran. Rusras. Ngelemeng mangpirang carita ka tukang. "Lain geura am, Lo, geus adan!" Ras kana katerangan Ajengan. Nyitir dawuhan Rosul. Yén disunahkeun buka puasa ku korma. Duh, aya ku ginding ari Jungjunan. Kagungan korma gé mani jécéh. Diénéng-énéng ka saréréa. Dipelak di sagara kikisik hara-haraeun. Buahna nepi ka kampung kami. Cacak mun Anjeun jumeneng kénéh. Kami seja usul, Pangersa. Mugia pangjiadkeun ieu salé Rajaceré. Sing lampar jiga korma Azwa. Sina meuntas jaladri nepi ka lembur Salira. Sangkan usum buka puasa ditaruang ku urang Pérsia. "His ari Alo. Turutan 'tuh sohabat. Kapan Umar nu bedang gé, teu burung léah manahna, kersa nyium Batu Hideung, najan teu pati purun!"