“Abah, iraha lebaran téh?,” haréwos Ujang bari muter-muter nyéré kanu taneuh. Angin ngaliwat nyecep tiis. Abah ukur bisa neuteup panon poé, nu mencrong beuki seukeut nyokot sagala rupa kahirupan. Awak tutung. Rangka nyarita dina salambar kaos bodas nu geus leungiteun bodasna. “Abah, geuning puasa teh lila naker?, pan itu toko baju geus tiiseun?, tapi geuning can lebaran waé? Teu tulus waé lebaran téh? Naha Abah?,” Sora Ujang ngahelas. Lung, nyéré dialungkeun. Terus nangtung, nango dina pageur masigit. “Ujang hoyong lebaran, Abah mah puasa waé,” Sorot panon ngalimba. Angin ngaliwat beuki tiris. “Ujang hoyong acuk lebaran,” Angin beuki anyép. Leungeun Abah ukur bisa ngusapan buuk Ujang. Ngeleter lain pédah puasa, tapi dirajah mangsa. Ukur bisa nangkarakeun leungeun di sisi jalan. Angin ngaliwat mawa guligah. “Isukan Ujang lebaran téh, ...isukan lamun tulus,” sora Abah mangrupa hiliwir angin.