Tangkal cau gigireun imah geus rada tungkul. Jantungna geus diala. Kabeneran cau nangka. Nu pada muru ku unggal hulu, pikeun nyampuran kolek sangkan kuled. Saleunjeur awi meunang nuar tadi ditanggeuhkeun, nahan si bodogol ambéh tetep ajeg, teu runtuh.
"Jaaaang! Na di mana si Sujang téh. Kadieu Ema' bantuan nutu." Sora Nini Mimin bari ngéhkéh batuk. "Hadir Maaa', kin kedap, ieu nunjel heula cau. Kapan cenah piwarang ditunjel bisi runtuh." Kuring ngagorowok ti pipir. "Oooh. Heueuh. Sok atuh sing merenah, tilu poé deui mah tuar, urang peuyeum." Bari ngadukduk nutu, éta nini-nini pepeta.
Kuring nyampeurkeun bari mawa nyiru jeung halu. Didéngé-déngé, sora halu neungar lisung ngadadak jempling. Naha si Nini téh réngsé kitu nutuna? Ngan hayoh tatanya na jero haté. Diilikan ti kajauhan. Teu kaciri halu mucunghul-mucunghul acan. Beuki deukeut. Halu ngagolér. Di gigirna, aya kabaya kayas kolot, disusul cimata taya soraan.