Loba nu ngomong, genah didinya mah, boga awak jangkung, beungeut ogé jajar pasar teu tinggaleun jaman teuing. Duh, cek saha awak jangkung téh ngeunah? Enya ku kituna mah teu ngabibisani, mun sakalieun rék barang cokot kana luhur lomari tinggal jéngké saeutik. Ngala jambu tinggal ngajleng. Tapi édas, gara-gara awak jangkung euweuh nu daékeun jadi kabogoh. Horéam kudu mamawa tarajéna cenah.