Rérés pancén. Ari buruh teu parok jeung paménta. Jangjina sarung Samarénda. Nu bisa diasupkeun kana botol téa. Ieu mah sarung kodian, pulasna hungkul. Samarénda mamalihan. Dikotéktak lomarina euweuh. Diteundeun dimana ku si Akang? Boa-boa rék dipaké ku manéhna. Majarkeun uing sok linyok, jadi disumputkeun heula. Keun didodoho bongohna. Da tarawéh mah maké sarung heubeul. Kitu deui salat pardu. Sugan engké ari jumaahan.
Jumaahan angger, maké nu heubeul. Moal kitu diduruk mah? Pédah si Onta kamari dicoco. Moal, nyaahan kana barang, si Akang mah. Disumputkeun. Ngan teuing dimana. Uing geus lila maturan manéhna. Naha aya kénéh tempat nu teu kasaba ku uing? Dasar jelema. Loba pisan akalna.
Sanggeus peuting takbiran, karasa leuwih hampang awak téh. Si Akang geus miang. Uluh, enya. Disasarung anyar. Samarénda, moal bireuk. Keun urang intip. Sarung uing. Cuang dudut mangsa keur sujud. Antep, sina bulucun balik salat Id.
Halah kalepasan, kadudut jeung eusi sarungna.