Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 24 Oktober 2013 01:50:19
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."
Jumaah, 06 Séptémber 2013 21:42
Syihabudin Syihab: " Assalamu'alaikum...Sampurasun...nepangkeun salam pangwanoh...hatur nuhun kana pangangken..."
Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."

Buni

Kénging Nazarudin Azhar
Dipidangkeun dina lapak 15 Juli 2013 22:27:44

Rumasa, tiap ceramah di pangaosan nu ieu mah sok katarumpangan ku niat sèjèn; hayang kapakè ku Bu Nikèn. Wanoja nu dina halisna nyalindung kaajrih asih. Na imutna kahèman lir kaimanan nu geus kapanggih; sanggeus urang ngalaksanakeun sakur sarat katakwaan. "Alloh ukur masihan kasampurnaan ka jalma-jalma pinilih," cekèng waktu ceramah. Nyarita ka jamaah, tur nu enyana mah keur hatè sorangan. Hatè nu keur meujeuhna deukeut jeung Gustina; dilawungkeun ku ciptaan pangèndahna. Manèhna. Wanoja nyorangan nu sok leuwih ti heula nèmbongan saban nincak pakarangan ieu masjid. Nu geus jadi tanaga pikeun sakur kalimah ngeunaan kahadèan, sangkan kedal dina kamurnian ucapan kuring. "Mung Alloh nu baris ngaijabah sakabèh du'a urang," cekèng. Sora nu geterna bèda, ditilaman rèrèt ka lebah manèhna...

Mulang ti pangaosan, kalangkang Bu Nikèn disina ngampih. Diperenahkeun di lebah nu gampang nyampeurna, tapi hamo kasaba ku batur saimah, nu kiwari keur tibra, dina keukeupan.