"Jang, hirup téh jiga langlayangan. Sakapeung mayung, anteng ulin jeung angin. Sakapeung beurat sabeulah gudag-gideug lain gédég. Lamun hayang ngapung beuki luhur, kenur kudu diulur. Bari dibetot ngarah terus napak kana méga. Ulah diadukeun jeung langlayangan batur lamun kira-kira teu boga gelasan. Kenur lain lawan gelasan, kajeun ngéléhan néangan angin séjén. Atawa meuli heula gelasan nu sapadan. Kudu ngaca kana diri. Ngukur kana postur."
"Aya mangsana ngadu gé éléh, atawa kapakan. Moal salilana ngapung bari bisa dicoo ku urang tur meunang ngajawara salawasna. Omat, di luhur langit téh aya langit deui. Jang, lamun mulut kenur téh kudu taliti. Ulah nepika ngagunduk matak pagujud. Maén langlayangan ulah loba teuing tumbu, cela jeung aib éta téh, éra lamun hirup loba nu kitu. Teu hadé. Kudu apal kanuhun, apal kaéra jeung mawas diri."