Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Surat Kanggo Nyai

Kénging Azié Nasrullah
Dipidangkeun dina lapak 10 Juli 2013 09:42:15

Usum puasa taun kamari, urang pacantél cingir, bari silih ngingetan. Nyai moal leupas jangji. Sanajan jauh di pangumbaraan, ujang gé moal méngkol ka lain haté. Sataun ujang teu mulang, taya kabar nu bisa ditepikeun ka nyai, sabab hapé dijambrét di jalan, teu tinggaleun lokét jeung eusina. éeu tulus mulang, rék ngubaran haté, kalah raheut deui diuji Gusti. Akhirna ujang gawé deui. Cimata teu weléh nyuruluk mangsétan cikopi. Disumput-sumput ti dunungan jeung babaturan, éra temen kudu pada apal yén ujang rumisak bari irung ingsreuk-ingsreukkan mah. Ujang tara leupas ngadu'a ka nu Kawasa, sangkan diri nyai dijaga diriksa tina sagala kagoréngan jeung pitnah. Lamun enya jodo geus meungkeut pageuh, nyai moal kamamana, moal kusasaha. Diujina urang duaan, muga-muga jadi ciri yén urang téh makhluk nu pantes diguyur barokah. Wilujeng sasih siam Nyai. Cing getol tadarusan. Ulah dituncal tarawéhan. Ujang mulang nyandak nu ilang.