Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Tarhib Ramadhan 2

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 08 Juli 2013 17:39:06

Béak umur caliweura. Nanjak mudun henteu eureun. Lagu cetuk huis ngangles. Akuan humirup bener. Tatuna saawak-awak. Mimiti karasa, angen. Eungap, lelenyapan baé. Dibangbrangkeun teu daék peuyar. Anggur beuki ngagenduk. Meupeus haté tangka remek. Saban usik gasik uleng. Jadi loba sura-seuri. Atawa géréwék, méwék. Dua bulan, Rajab Rewah. Lumengis meureut sadunga.
“Hayang ngalaman puasa. Kiwari, rék dipupusti. Moal kaalaman deui. Pagéto dihin pinasti. Kuring hayang manjing cicing.” Kitu omongan karepna. Pamajikan sapuk ngajukung. Katingali, tanaga suda. Haropak geus katambias. Tumerap manjing ceuleuyeu. Anak pamajikan, inggis. Niyat ngabatu karang. Moal endag kalang ringrang.
“Aing rék puasa, déngé. Moal batal najan sapeun.” Mata ngadadak buringas. Ngoyos cai beberesih. Tepika dadas dikosok. Lahitr batin, teu kaliwat. Nguriling ménta hampura. Anak incu jeung baraya. Balik, hanjat ka masigit. Menekung panghareupna. Nu gumenclang bedah bendung. Acining asih ka Gusti . Tobat moal deui-deui. Tukangeun manéhna ngabedega. Wujud rohaka jangjangan. Ngarungkup waruga, deudeuh. Nyecep tiis, tan soara.