“Kunaon mun beus hareupeun imah kuring liwat, lomari buatan pabrik Bapa, langsung ucutan?” Kitu sora telepon luh-lah ti langganan nu meuli lomari, isuk-isuk. Geus tilu kali nelepon. Panasaran, laju ngirimkeun téhnisi jang ngabuktikeunana. Tarapti. Téhnisi menerkeun lomari nu aya di kamar saré lanté dua.
“Atos leres, Bu.”
“Geura, tungguan ku didinya. Sakeudeung deui aya beus ngaliwat. Kuring masak heula di dapur. Si Papah bisi kaburu mulang.”
Téhnisi asup kana jero lomari. Bari ngadédéngékeun sugan beus lalar. Aya éta ogé sora mobil eureun hareupeun imah. Tapi sigana mah mobil sédan. Teu lila, kadéngé nu muka panto kamar.
“Mah, ieu lomari anyar téh?” ceuk sora hiji lalaki. Bari muka panto lomari. Salaki nu boga imah. Nempo tehnisi keur nyempod dina lomari, ceuk pikirna, boa-boa si Mamah.. Haok nyarékan. Pépédéngkréng rék nampiling.
“Keur naon satéh di dieu?”
“Nuju nungguan beus, Pa.” Ceuk téhnisi ngadégdég.