Bah Karma dipikagigis di lembur Pasir Huni. Jawara. Dedegan jangkung, bosongot, kumis baplang, cohagna, éléh kumis anu ngarang fikmin ieu ogé. Mimindengna ka warung Bi Nengsih, bari gumasep, wangkongan teu jauh ti gelut, hut-hét pepeta pasang kuda-kuda, kalan-kalan cikopi anu ngararinum didinya, taramplok kasépak. Geus tilu poé Bah Karma taya ngulampreng. Urang lembur leungiteun. Béjana tarangna soéh gelut dikoroyok paréman Pasar Ciborélang. Bada isa, barudak ngora ngariung garapléh di garduh ronda. “Lain, uing reueus pisan, Bah Karma ngabuburak pareman Pasar Ciborélang téh, sok malak”Ceuk Suha bari meubeutkeun kartu.” Kapok sigana Ha, moal malak deui paréman téh.” Ubed mairan, bari ngarérét Usép anak Bah Junéd. Usép nyelengkeung ambek” Ceuk saha gelut jeung paréman? Da Bapa soéh tarang paséa jeung Ema, ku Ema dibabuk kugagang sapu teu kacingcetkeun, ngahelaran waé Bi Nengsih, apan randa” Sajongjonan belengep simpé. “ Gagang sapu!” Gorowok Suha meubeutkeun balak genep. Gagang sapu ayeuna jadi panyinglar imah nyi randa.