"Dong! Kadieu sakeudeung, uing rék méré béja."
"Aya naon atuh Sujang sia téh? Ngaganggu waé uing keur anteng ngadéngékeun rékaman sora ajeungan kamari bati tolab di lembur sabeulah. Ramé siah. Rék miluan? Yeuh sabeulah éwang hédsétna jeung uing!"
"Haaar... Ari sugan uing teh énté keur ngamusik laguna Neng Fatin euy. Kutan, énté geus tobat gening Dong. Aduh alah iyeuh... Ku teu nyangka uingah, gening hidayah téh lain saukur jang jalma hungkul. Hahaha...."
"Tuh... Tuh... Da kitu ilaing mah. Pantesan atuh loba nu ngéwa ka ilaing, da gening ngomongna ge teu dicapék heula. Ieu téh ceramahna mubaligh sia téh kéhéd. Ulah diheureuykeun. Pamali deuleu!"
"Alah... Ajengan ayeuna mah moal jauh atuh Juragan Dodong. Moal jauh tina hayang saukur jadi dipikaresep penonton, tapi teu ngutamakeun jadi panutan. Asal bisa ngalucu alias ngabodor, nyanyi, jadi. Teu kudu aya tungtutan nanjerkeun nu ngarana Agama. Pan kacrut. Pajar nu ngarana Rajaban téh kudu diramékeun wé hungkul. Ari solat tara. Sibuk ngabangun panggung, nyiapkeun sangu pincuk, hiburan nepika aya di ditu mah anu nanggap dangdut. Ah... Teuing ah. Teu ngarti jaman ayeuna mah."