Ngurumuy ti Baduy. Seja ngadunungan ka Sultan Ageng. Pada ngaréntog ku Puun jeung Pamangku Adat. “Ari dia geus mikir dibulak-balik? Kapan Sultan mah béda ageman. Tilok dia ditarima sinembah. Doangna dia diusir.”
“Buméla lemah cai kawajiban urang nu nangtung di ieu lembur. Teu kudu ngitung ageman. Najan kula nyakclakeun getih panungtungan, doangna moal undur najan satapak ja.” Laju indit ka Dayeuh Banten. Ngilu merangan angkara.
Perang campuh ngalawan Kumpeni. Astapati sinatria lébér wawanén. Nguwak-ngawik perjurit musuh. Walanda ngakalan sangkan bisa ngajiret, ngaliwatan mata-mata pribumi. Majar Astapati teu teurak dibedil, iwal ku pélor tina emas.
Kawas nu geus terus rasa, rebun-rebun Astapati dumeuheus ka Sultan. Seja ngagempur Walanda tebéh kalér. Manéhna papagah ka baladna, “Lamun kula palastra poé ieu, béjakeun ka Sultan, kula geus Islam.” Wanci lohor iber ka Sultan tepi. Astapati gugur. Tempat diukna mangsa subuh kaangseu seungit kasturi.
“Bagéa. Sing panjang carita keur anak-incu.” Dawuhan Sultan tepi ka Kanékés.