Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Nitip Buntut Dina Simpé

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 07 Juni 2013 12:49:32

Pindah ka sisi leuweung. Sanggeus 25 taun pagilinggisik jeung ramé. Imah kai dina mumunggang pasir. Katelahna “Pondok Eros.” Sab dipelakan kembang Eros rupaning warna. Nenggang. Jiga séngsérang kongkoak, di tengahing tegalan jukut. Gumenclang. Pantes keur niiskeun pikir jeung haté. Pangeusina sapasang aki-nini. Can manjing caretuk huis. Jajauheun kundang iteuk. Mun pareng pakansi, sok daratang seuweu-putuna ti dayeuh. Katingali hégar, siga nu aya kariaan. Sab sok jeung peupeuncitan sagala. Ceuk badégana, nepika 2-3 domba. Barudak arulin di pakarangan, ngungudag papatong. Aki-ninina nyérangkeun. Bangun reueus. Tina genep budakna, reuay incu aya welasna. Hirup tingrim dina galih asih. Urang kampung nyarebutna Juragan Pangsiun. Duka pangsiun ti mana. Lamun lunta ka Pondok, teu meunang leuwih ti Isya. Mindeng kaparengkeun manggihan maung. Sagedé kebo, lain wadul. Mangsa bulan Mulud pondok simpé kacida. Kungsi ditéang ku Abah Merebot. Suwung. Pajah nu bogana jararah ka Kulon. Indit jeung datangna tara kanyahoan.