Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kulawarga Haji Murad

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 05 Juni 2013 08:43:16

Kuring karék balik ti kebon. Tengahing usum katiga. Panén gandum geus lekasan. Keur manjing ngagiling. Sawaréh rék ngaseuk. Rupa-rupa kembang laligar. Kembang Daisy ox-éyé, nu tengahna konéng, ngadalingding. Seungitna matak beresin. Kembang jagong, kembang makuta jeung tulip leuweung, meuweuhkeun wawangi tingarapung. Ngawurkeun rosa gumbira. Haneuteun. Taneuh 20 hektar, saléot dikurilingan kabungah jeung tatan-tatan nimbang tatanén. Taun ieu mucekil. Bévka Murad, cikal awéwé geus sawawa. Dijeujeuhkeun ku Emangna nu balik ti Turki sangkan daék ka Yousuf. Anak Haji Abramovic, tatangga sawates taneuh. Lulusan Azhar Mesir. Bulan hareup dirapalan.
“Kopi téh mani raos kieu, Anné?”
“Pangirim Kardés, tah nuju di dieu.” Anné Bévka mairan.
Torojol , “Kocum.. tangtos capé.” Ngaléndéan, ngelapan karinget kuring ku anduk baseuh. Anné ngagelendut, pameunteuna semu beureum. “Ih, sonten kénéh. Kapan éngké ogé giliran Kardés.” Ngariung. Nyanghareupan susuguh. Kukupu pating geleber. Malegar ku panasna usum katiga. Areunteup dina kembang kayas, konéng saulas jeung bodas. Kuring ogé kukupu.

Footnote:
Anné Bévka=ummu Bevka. Kardes=akhwatu shagier=panggilan deudeuh ka maru. Kocum=Habibati=suamiku sayang.