Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Néang Kolényay Anjeun, D!

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 29 Méi 2013 16:58:56

“Salapan bulan hukuman percobaan.” Ceuk Hakim Ketua. Maénya numpurkeun jelema ampir sakulawedét, ngan sakitu? Pédah anak Mantri? Kaadilan nu dipiharep, teu nanjeur. Kitu deui Koruptor miliaran, dihukum bubulanan. Ari maling hayam dua taun. Émbohna, digebugan satengah modar! Ngahuleng. Lamat-lamat, sora nu ceurik ngabangingik. Anjeun D! Beuki kuru. Inget taun 98. Kuring papanggih jeung Anjeun dina aleutan mahasiswa. Anjeun budak kénéh harita téh. Sarua, kuru pinuh tatu. Sorot mata Anjeun, buringas. Les, ngahiang. Tepung deui taun 2004. Mangsa pakéwuh kadua jeung sidang darurat DPR/MPR. Dina séséla gas airmata jeung paneunggeul PPHH. Aya Anjeun deui! Budak satepak meujeuhna begér tampélé. Buncunur. Tapak pélor karét aparat. Nu tepi ka ayeuna karasa keneh nyanyautanana. Kiwari, Anjeun melong ngayakas. Biwir disosi. Gumenclang soca, guligah. “Dangukeun jeroning teuteup. Jumerit kuring.” Jung nangtung. Keur mojang umur welasan taun, kamana-mendi mamawa pedang panon ditutupan carécét, matak nalangsa. Saawak-awak gudawang. Rupa geulis manan Déwi, ngajanggélék jadi nini–nini ropoh.