Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 18 Juni 2013 00:50:19
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Jejen Jaelani W
1.481 Naskah

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Rebo, 12 Juni 2013 05:38
Hendra Raira Purnama: " hatur nuhun tiasa diangken, nepangkeun sim kuring ti cianjur, mung neda sihapunten saupami arang ngalongok margi di leuweung mah sesah sinyal neng inetna,,,, salam pangwanoh ka sadayana,,,, hurip..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:47
J Jaenal Arif: " assalamualaikum wr wb,nepangkeun sim kuring ti karawang hyong silaturahim sareng baraya..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:46
Opik Tobas: " ..."
Jumaah, 07 Juni 2013 12:00
CieAmbu Hoyongjanten Kuwu: " assalamalaikum......aduh....hampunten..sim abdi bingung,,formulirna teu aya wae......"
Senén, 03 Juni 2013 00:59
Ade Iwox: " assalamualaikum.. sampurasun, daramang sadayana..."
Saptu, 01 Juni 2013 21:22
Dharmawan Toh: " Sampurasun, neupangkeun simkuring ti Bandung palay langkung uninga perkawis budaya sunda dina ieu..."
Jumaah, 31 Méi 2013 19:40
Ai Halimah: " Alhamdulilah di lapak fbs pribados tiasa di ajar nyerat nu leres, sareng silaturahmi sareng kanca nnu..."
Jumaah, 31 Méi 2013 10:04
Gunawan Sejati: " Sampurasun...Punten bade unjuk tumaros perkawis kintunan karya simkuring nu kantos di kintun ka grup Fikmin aya kana dua tiluna , naha aya dokumentasina di rohangan ieu kitu..."

KasÉp Anaking

Kénging Manik Sundayana
Dipidangkeun dina lapak 28 Méi 2013 21:11:21

Dédéngeeun kénéh ku Jang Taslim, papagah indungna saméméh inyana ngumbara ti sarakanna. Kieu cenah :

"Kasép anaking, ema peupeujeuh pikeun bekel hirup hidep nalika déwasa. Omat ulah ceceremed lamun pareng heureut rejeki, ulah kumed lamun pareng ceuyah ku pakaya. Sing siger tengah dina laku lampah, sok sanajan enya hirup mah kudu soson-soson."

"Kasép anaking", kitu salawasna Ma Jumi ngagentra inyana lamun keur mapagahan. Kapahat nyitak dina angen-angen, kecap éta nu munggaran kainget saban inget ka indungna. Kasép anaking... kasép anaking...

Kiwari usaha jang Taslim cukup maju. Toko kacana laris, kaasup kaca eunteung rupa-rupa ukuran. Saban ngeunteung boh ngahaja atawa henteu, Jang Taslim sok pirajeunan imut ditahan. Lamun seug ningali dina kanyataan, kekecapan indungna téh bohong kacida. Kalangkang beungeut nu aya dina eunteung nyarita sabalikna.

"Kasép anaking..." Gerentes Ma Jumi nu inget ka anakna. Kapisah jauh ku legana laut.