Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 17 Oktober 2013 21:10:17
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."
Jumaah, 06 Séptémber 2013 21:42
Syihabudin Syihab: " Assalamu'alaikum...Sampurasun...nepangkeun salam pangwanoh...hatur nuhun kana pangangken..."
Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."

Mescalero-chiricahua

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 27 Méi 2013 11:50:29

Prairi. Cangéhgar ngelak pasosoré. Keteyep. Jamparing dibetot lalaunan, dilelebah. Ambekan ditahan, mencrong sasaran. Dor! Gebeg! Aya anu ngabekaskeun bedil di pilemburan. Hawar-hawar sora jerit kocéak maratan jagad. Berebet muru lembur. Ngarandeg. Ti jauhna, lima babatang ngalungsar. Indungna, pamajikanana jeung tilu anakna. Kuda dipancal, cetar sora pecutna. Hutang pati bayar pati! Nyalingker di satukangeun tangkal, jamparing dipesat deui, ngabelesur meulah langit, cleb! Niruk gegedug panghareupna, parat kana beuheungna. Koléang, gubrag, kekejet, hos paéh. “Puas siah!” gerentesna. “ Téwak euy, téwak!” Ulon-ulonna tingjorowok. Beretek lumpat ka jauhna, diteureuy jungkiring peuting. Gedur, perang Kas-ki-yeh teu bisa disinglar. Banjir getih mélaan lemah cai. Belesat. Wanci nyérélék. Bulan, taun kalarung. Karéta api nyuruwuk muru pamiceunan harga diri. Sumerah umur geus nepi ka mumunggang. Hiji lalaki diuk alum digurat lamunan éndahna sarakan. No-doyohn Canon, Arizona. Gerit! Sora gilinding karéta. Reg. Fort Sill, Oklahoma. Dina témbok-témbok peron setasion ngajeblag tulisan pamapag. Geronimo lain téroris ! Wilujeng Sumping.