Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 18 Oktober 2013 02:30:29
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."
Jumaah, 06 Séptémber 2013 21:42
Syihabudin Syihab: " Assalamu'alaikum...Sampurasun...nepangkeun salam pangwanoh...hatur nuhun kana pangangken..."
Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."

Pawang Jam

Kénging Taufik Faturohman
Dipidangkeun dina lapak 27 Méi 2013 07:23:08

Pagawean sapopoena tukang ngamandian onta Mumtaz teh. Ngan ku sapangeusi lembur sok disebut pawang jam, lantaran bisa neguh kaayaan wanci kalawan tepat. Ari carana neguhna aneh kacida. Lamun aya anu nanya "Jam sabaraha ayeuna, Mumtaz?" buru-buru Mumtaz anu keur ngamandian onta nyingkabkeun kanjut onta. "Tabuh tilu," cenah. Kitu jeung kitu pagaweanana teh. Unggal aya anu nanya tabuh sabaraha, memeh ngajawab pasti Mumtaz nyingkabkeun heula kanjut onta. Kaanehan cara neguh wanci kitu teh kaemper-emper ka Raja. Pohara hayang apaleunana Raja teh. Bring nepungan Mumtaz anu keur nagog ngamandian onta. "Tabuh sabaraha ayeuna, Muntaz?" ceuk Raja. Buru-buru Mumtaz nyingkabkeun kanjut onta. "Tabuh satengah opat," ceuk Mumtaz. Panasaran Raja nanyakeun, kunaon memeh ngajawab Mumtaz kudu wae nyingkabkeun heula kanjut onta. Pok Mumtaz ngajawab: "Apan di peuntas palih ditu aya toko jam. Upami bade ningal jam nu aya di dinya, sok kahalangan ku kanjut onta. Nya kedah disingkabkeun heula kanjut ontana,"