Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 18 Oktober 2013 02:10:19
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."
Jumaah, 06 Séptémber 2013 21:42
Syihabudin Syihab: " Assalamu'alaikum...Sampurasun...nepangkeun salam pangwanoh...hatur nuhun kana pangangken..."
Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."

Kanyeri Kuring

Kénging Mochamad Ziaulhaq
Dipidangkeun dina lapak 24 Méi 2013 23:58:15

Reup bray tingjorélat, datang deui siga kamari. Nyeri ku khianatna, nyeri ku sarakahna.
Anéh, naha kuring lénglé. Dék nutup haté, hésé. Dék nulak bala, hésé. Kuciwana kuring, sagédé gunung Guntur nu ngan ukur méré éndah malati.
Padahal, bau hitut jeung bukur teu jujur népi ka langit. Ngahudangkeun Guriang Tujuh, ngaruksak Lalayang Salaka Domas, soék.
Kuring ngawakca kanyeri ka Raspati Angin, simpé. Nyobaan ngudag Nyi Pohaci, jempling. Nepi néang Nini Anteh, ngan ukur seuri nyikikik minuhan pipikiran kunu aranéh. Poék.
"Sia, malik ka diri. Sia nu hirup di Mandala, balik ka sanubari," ceuk béja haréwos nu dibéjakeun Batara Léngsér bari nonggéngan.
Kuring angger teu ngarti. Ngan Guriang Tujuh ngadeukeutan, ngabaladan.
Tinu jauh, di antara indung peuting, Sunan Ambu ngahariring, ngahariring kanyeri kuring.