Naha kunaon anjeun bet ngabigeu, raga pinuh ku pananya, satekah polah ngaréngkak nu jauh tina wirahma, anjeun jiga nu leungiteun jati diri, raga lir leungiteun sukma alatan bumetah dina kasimpé. Tarikna réngkak nyangkalak usik malikna waruga, teu walakaya. Nu rariab teu weléh ngangsonan jail kaniaya.
Lebah dadana aya pananya, naha naon nu disebut sajatining diri? Dikotéktak bari ditalungtik kalawan telik, horéng nu disebut sajati moal salilana karanggeum ku jirim nu nyata., nu karanggeum kacanggeum ngan saukur kahayang nu beuki ngaleutikan, nu antukna ngereles teuing kamana. Ngan saukur ranggeuman rasa nu bisa ngageterkeun kasimpé anjeun, nu bisa muyarkeun kahayang nu pamohalan.