Haténa nu teu weléh muru kasimpé pikeun ngaréka-réka kahayang, mandeg ku hiliwir angin nu teu sapuk nganteur galindeng bagja ka mangsa jaga. Lebah mongkléngna peteng, waruga teu weléh rengkeng bari kabulen ku mulekna haseup roko, teuteup kosong, kalangkang nalangsa ngéngklak nyangkalak kalungsé lebah manjing sareupna, waruga teu reureuh bitotama jeung sangsara, otél jeung angen-angen nu nyata-nyata kacida telengesna.
Sapanjang hirupna ngagugulung telengesna jugjugan, waruga dijéwang ku kahayang nu pamohalan, lir ngajéwang matapoé laju ditapelkeun lebah reyem-reyem sareupna, nepi ka kuntung roko ampir ngaduruk curuk jeung cinggirna saacan si pelung kongkorongok mangsa janari gedé.