Apartemén tingkat 24. Ngadaweung dina balkon. Noongan bulan éta kénéh. Purnama opatlas. Angin haneut, ngusapan awakna nu sampulur. Haroshos, gumalindeng asmara. Duriat nu kungsi pegat. Atra. Bulan beuki mabra. Kacampuran cahaya kayas. Ti jero rohangan aya nu ngagentraan. Lalaki bayuhyuh. Si Om. Nu jadi paminangsaraya sagala kahirupanana. Api-api teu ngadéngé. Keresek daun humaréwos, “Jungjunan, iraha urang rék tepang deui?” Pameunteu jajaka pupujan nu ngeurad haténa, ngalangkang dina bulan kayas. Imut ngirut, pangérétan. Nu ngagentraan bangun teu sabar. Manéhna ngalieuk. Malédogkeun paneuteup ceuceub. Mun ningali Si Om, nu nyangkolong dina panonna Abah jeung Ema keur ngabangun imah. Adi-adi sarakola. Saruka bungah. Tapi kaceuceub teu nyingray. Inget gareuneuk sakujur awak. Térékél naék kana pager balkon. Bulan ngarangkul. Didinya manéhna nyampaykeun katineung. Si Om tibuburanjat ngajéwang. Ngan kadudut longdrésna. Waruga ngalayang. Mapak jangjang. Hiber nyampeurkeun bulan maké rok mini. Beuteungna meuleuneu. Si Om nu ceuk dokter mah hapa. Sababaraha detik ti harita, bulan ganti pulas. Beureum kolot.