Dina salambar sajarah, taya dalingding ti mangsa bihari, di lembur manyang-munyung, di désa-désa, di kota nepi ka puseur dayeuh nagara, nu disebut aturan jeung undang-undang diségétan ku beurit-beurit nu nyayang lebah leuit nagara. Beurit-beurit nu teu weleh masrahkeun diri ka lebah keukeupan haneutna dada lebah kamar-kamar nu miboga tanda béntang, bari terus nyawér pikeun ngumbah harta sangkan suci tina sesebutan basilat.
Balatakna tatal-tatal kanalangsa nu mancawura ti lebah baranangna béntang, saukur bangkarak sésa panyégétan beurit-beurit nu bau hangseur bari nebar-nebar mamala, rocop lir sasalad nu ngusap waruga-waruga nu karék gumelar, teu béda ti supata nu mawa mamala kana bungkiangna beuteung nu kusut ku peujit pinuh rurujit.
Duh…rék dikumahakeun rundayan nu gumelar mangsa jaga mun hirup pasésaan beurit nu teu weléh nyégétan leuit nagara? Taya nu nyarita, simpé lebah melegmegna poék