Bapa Ageung karesepna nuang hulu peda. Tos sabaraha dinten katatang-kotéténg. Suwung. Antukna meupeus keuyang, ambek-ambekan. Para Mantri disaur. Sawala ngeunaan kamana jeung kusaha leungitna. Mantri Jero Nagara unjukkan, hulu peda cenah ku Ucing. Ucing di Istana diambeuan bangusna kabéh. Euweuh nu bau peda, aya ogé anu bau candu. Panasaran, telik sandi dicalukan. Sina nalungtik. Teu kungsi lila kapanggih. Beurit nu jadi mamalana. Istana ublug-ablag. Karesep beurit nyumput dinu paroék. Dipuput haseup, Bapa Ageung kalah kabesékan sorangan. Malah Mantri-Mantri carirambay. Disentég teu hasil. Da beurit Istana mah palinter. Bubuhan icikibung jeung jelema linuhung waé. Ucing diparéntah sina moro. Pahibut kokoréh kamana-mendi. Nu beunang ngan ukur anakna. Istana beuki mongkléng. Beurit warok nu baradag, angger teu bisa katéwak. Nyayang dina tungtung popoék Istana. Ahirna, Bapa Ageung dadawuh, téangan beuritna di jalan. Mantri-mantri ngalokan. Ucing sapuk ngaminkeun. Waktu ditanya Juru Warta, naha di jalan? “Kapan di jalan mah caang..!” Bapa Ageung ngajawabna nyentak.