Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Ngadu Jangkrik

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 13 Méi 2013 13:29:15

"Manéh geus diasaan ku si Héndri can?"
"Acan, malah si Ricky nu némbak urang. Hihihi.. tadi peuting, nepika asa pasiksak awak."
Duanana ting cirihil. Ngawangkongna sakaparan. Teuing naon deui nu diobrolkeun, da laju haharéwosan. Nu kadéngé ngan, badag, kuat jeung deudeuieun. Teu lila duanana mencrong ka kuring.
"Ari manéh kumaha? Geus aya nu ngadeukeutan? Boro-boro jiga si Ricky atawa si Héndri, bebegig ogé moal daékeun ka silaing mah. Hihihi.. Nanaonan jeung mamaké cindung. Urang téh di Dayeuh dunya. Lain di lembur curug meledug."
Kuring bati mésem. Enya. Béasiswa nu nganteur kuring ka puseur dunya. New York. Babaturan saentragan loba nu geus salin jinis. Jaradi urang dieu. Saprak kajadian 9/11, kahirupan robah. Sagala heurin. Loba dicodéka. Majar kuring téroris. Pédah sok mamaké hijab. Usum katiga kamari dilamar jadi pangantén. Poé ieu. Di bar ieu dirapalanana. Cetrék, saklar nu aya jeroeun cindung ditarik. Sora-sora nu cicirihilan leungit. Geleger marengan.