Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 17 Oktober 2013 21:50:19
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."
Jumaah, 06 Séptémber 2013 21:42
Syihabudin Syihab: " Assalamu'alaikum...Sampurasun...nepangkeun salam pangwanoh...hatur nuhun kana pangangken..."
Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."

Hiji Carita

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 11 Méi 2013 09:29:57

“ Mah, ari éta saha?” Ceuk budakna anu keur meujeuhna célémbéng. “ Bapa hidep anaking.” Walon indungna, bari semu reuwas ku pananya anakna.” Ari Ibu anu nyarengan Bapa éta, saha Mah?” Budakna nanya deui bari melong ka awéwé ngora anu marengan sémah.” Oh, éta mah istrina atuh.” Walon indungna deui, aya anu ngentab tina dadana. “ Ari Bapa anu sok didieu saha Mah? Bari ngareret ka lalaki anu ngaréndéng jeung indungna “ Oh, éta oge Bapa hidep kénéh, salaki Mamah.” Budak peutingna teu bisa saré, mikiran walonan Indungna. Tapi Allah maha welas asih, wanci subuh méré impian ulin kukurilingan di taman pikaresepeun, bari ramona ranggém ku és krim.