Hayang mulang ka sarakan. Kakangen mucuk ka manéhna naha ngadago kénéh? Harita nganteur tepi ka sisi kuta bari juuh cimata. Jamparing asihna nanceb dina langit haté, niruk, napel geugeut teu laas ku wanci. Réwuan sajak katresna kumalayang dina embun-embunan, oléh-oléh ti dayeuh. Kedal pasini dina tampian kaheman, asa moal surud katinggang wanci, ngamalir tepi ka kiwari.
Anjog ka sarakan ngaliwatan kuta sisi jalan. Ema mapag reumbay cimata. Manéhna miang tiheula ka kalanggengan.