Bogoh ka anjeun téh. Bogoh pisan. Ti saprak wawuh, kuring
yakin anjeun gé boga rasa nu sarua. Sarua bogohna. Kuring
nyaho, kanyaah anjeun lain ukur pupulasan. Lain ukur dina
caritaan anjeun nu matak tiis kana haté, heureuy anjeun nu
matak ngaléahkeun kasedih. Lain ukur éta.
Geuning basa rumahuh kasusah hirup, teu talangké anjeun
ngiriman ka rekening kuring. Saterusna saban bulan nyukupan
pangabutuh. Geuning basa kuring nyarita aya nu lalaki nu cunihin,
isukna ngadéngé béja éta jelma geus ngababatang.
Yakin pisan, éta mah lain kabeneran. Lain !
Kuring sono Kang ! Teu cukup ku macaan ratusan kecap anu
dikirimkeun ku anjeun unggal waktu. Teu punah ku melong potrét
anjeun nu dipiguraan, nu ngajéjér, pinuh, nutupan témbok kamar.
Ukur hayang tepung nu teu ditedunan ku anjeun. Nepi ka kiwari.
Nepi ka iraha kuring kedah nungguan ? Sataun, dua taun ?
Kuring bakal nungguan Kang. Bakal nungguan !