Keur genah-genah jogéd. Aing. Na atuh, dampal suku ujug-ujug nyérését. Kacugak. “Teu nganggé sendal?” Jiiih, enya wé. Sendal aing ka mana? Dodongkoan di pangjogédan. Kadupakan. Nyundul bujur. “Sendal? Tuh, di ditu!” Gidig ka panuduhan. Aya nu keur uplek. Disidik-sidik. Horéng aing. Anteng guntreng jeung nu montok. Nu keur umat-imut. Panonna burahay. Sihungna néngtét. Aing mundur. Méh tigujubar ka kolam renang. Rénghap-ranjug. Dangdutan terus gumuruh. “Sendal? Payuneun kamar Admin!” Gidig deui. Alak-ilik. Teu sabeulah-beulah acan. Kalah mireng nu sesegor di kamar. Ditoong. Horéng aing deui baé. Keur digugulung biduan. Nu létahna nyagak. Susuna ngarumbay. Meulit. Ngabakutet awak. Aing burial-buncelik. “Sendal aing di manaaa?” Aing nyorowok maratan nu keur gumuruh. “Di dieueueu!” Aya nu némbalan. Ngaweuhan. Aing curinghak. Ngagidig muru lebah-lebahna. Mongkléng. Bororaah nénjo sendal. Teu kadeuleu irung-irung acan. “Sendaaal..!” Aing cumeluk. “Kuk!” cenah. Aing tanggah. Bréh. Bet katémbong Sendal ngempur di ponclot masjid. Gusti, geuning itu aya abdi kumalayang nyiar bulan!